
Anu menarik perhatian timimiti kuring ngajugjug ka ieu tempat 2 taun ka tukang, nyaeta ayana liang angin nu aya di gigireun makam Mbah Wijaya Kusumah. Ari ceuk Pa H. Jupri salaku kuncen ieu makam.yen Mbah Wijaya Kusumah dikurebkeunateh keur hirup keneh, pamundut anjeuna kitu,teuing kumaha kahoyongna bisa kitu.Tah liang angin teh minangka alat saluran hawa oksigen ti jero makam ka luhurna, etateh lamun ditengo aya sora nu keur ambekan nafas jeung mun dicabak aya angin nu ngahiliwir nu ngaluarkeun seungit kembang. Mungkin ti hal eta gunung eta dsbt gunungwangi,sampe ka taun 80 sampe 90an sora nu keur narik nafas jg angin nu kaluar masih keneh aya, malahan mun urang nunda kalakay bisa haliber muih diluhurna,kadieunakeun sora nu ngarenghap gs teu aya angin nu kaluar oge gs teu pati gede,tapi lamun dicabak emang msh aya hiliwir,carita ieu nimbulkeun panasaran yen Mbah Wijaya Kusumah boa umurna panjang di jero kuburna atawa liang etateh emang saluran udara nu tembus lewat kuburan ka guha nu aya di tonggoheun makamna? Urang dinya nyebutna Guha Inten...dimana angin nu asup ka guhana sawareh kaluar tinu liang angin gigireun makam eta..wallahualam.
Aya deui nukudu dikorehkeun..nyaeta ayana GUHA INTEN
Tidak ada komentar:
Posting Komentar