Tumenggung Yogaweswa boga kaahlian nyieun parabot kayaning bedog,pacul,parang,kolewang jg sajabana pikeun alat tatanen.Kusabab kaahliana dinu hal nyieun pakakas anjeuna nepika katelahna Embah Panday.Kaahliana dinu hal panday kasohor sakatumenggungan Sindangkasih malah sampe ka Sumedang hg Indramayu.Numutkeun E.Wangsadihardja penyusun naskah gaok jg sejarah Majalengka yen keturunan Embah Panday nu nuluykeun pakasaban jadi tukang panday sok jaroh ka makamna lamun usum nyieun pakakas boh bedog atawa pacul,meureun biasana rek maju usum mijih loba pesenan keur tani.Daerah Cigasong baheulamah katelah lembur nu loba patukangan Panday na,salah sahiji buktima nyaeta ditimukeuna hiji kolewang nu aya tulisan asal nu nyieuna Cigasong 1942, katerangan ieu pernah dimuat dinu berita PR sbraha taun katukang,kiwari lamun neangan panday di daerah Cigasong gs hese manggihana .Kaahlian panday nu diturunkeun ku Tumenggung Yogawesa bisa tumpur ilang lamun katurunana gs taya nu jadi panday.Pernah maluruh dimana makam na embah panday dugika Karayunan hanjakal taya laratana,hiji pituduh mah mung dinu buku sejarah karayunan tea nyaeta disebutkeun hiji lembur nu ngarana Andur,ke sugan kapaluruh blah mana tempatnamah.
Aya keterangan tambahan dinu blog Prof mang Mang Tatang Uny yen disebutkeun dinu mangsa perang Bagus Rangin gubernur jendral Rafles nyieun surat pikeun sakabeh tumenggung nu aya di karesidenan Crb,salah sahijina ka Tumenggung Yogawesa,trus mun dihubungkeun jg katerangan dinu buku sejarah Karayunan yen Andur nyaeta hiji daerah tempat mundurna hiji gerombolan berandal nu kadesek pasukan Yogawesa,Andur dicurigai tempat tiwasna Yogawesa nu awakna direncah jadi dua....saha gerombolan berandal eta...???
Cag heula....
Stay tune di Grumala..!!


Tidak ada komentar:
Posting Komentar