Saptarengga...
Sabenerna jaman kolonialmah dipake ngulik elmu jg pusat penelitian ku ahli fosil urang Walanda.Aya katerangan disebut Dr Von Koeningswald nulis laporan yen di Gunung Koromong aya tanda kahirupan manusa,tandana aya fosil fosil nu mangrupa Leit Fosiel dinu lapisan batu kapur asalna tinu jaman Quartair Pra Sejarah.Disebutkeun oge yen Gunung Koromong teh minangka Lumbungna Fosiel di wilayah Cirebon.Kitu nu kapanggih dinu berita Walanda taun 1930 an ( lampiran poto link Walanda ,fajar Fajar Firmansyah).Peneliti ti walanda ieu datang ka gunung koromong mangsa Pabrik Gula di Parung Jaya Leuwimunding masih ngadeg,manehna ngayakeun penelitian di sabudeureun gunung koromong,peta katut katerangana aya .
Asanamah pantes mun Gunung Koromong diasupkeun kana daftar agenda ngagejlig para JURIG GRUMALA...
Hayu lah...korehan..!!!
( keterangan photo hitam putih Pabrik Gula Parungjaya Lwimunding waktu ngadeg keneh latarna gunung koromong,sejumlah fosil laut nu kapanggih ku peneliti Walanda ).
(Naro, 7 Juli 2018)




Tidak ada komentar:
Posting Komentar