Cingambul.
Minangka tapal wates istana Siger Hanjuang nu pernah jadi tempat perundingan antara Sunan Gunung Jati sareng Sunan Ciburang katelahna perjanjian Ciburang.
Istana Siger Hanjuang ieu pernahna handapeun Gunung Bitung,tempatna nu aya di mumunggang bisa nyawangkeun ka wilayah sabudeurreun Talaga.Aya susunan batuan nu ngajajar jg ngabentuk ruangan kemungkinan sesa pondasi bangunan istana Siger Hanjuang.Ka beh landeuhna aya makam tokoh Talaga nyaeta Sunan Ciburang Putrana Raden Kusumalaya - Dewi Simbarkancana nu gaduh katurunan Arya Wangsagoparana nu milih ngalih ka Cianjur Anjeuna gaduh putra Wiratanudatar nu nurunkeun para Bupati di Cianjur


Tidak ada komentar:
Posting Komentar