Sebelum tahun 1990an kalo buka pintu air, petani nu ka aliran sok papatungan mayar ka waker bejamah duitna dibikeun ka Pabrik Gula Kadipaten...atuh kadinya..??
Sabab lamun nilik ka sejarah pembangunan bendungan nu aya di Majalengka teemasuk bemdungan Cigasong nu dijieun jaman walanda taun 1918 fungsi awalna pikeun irigasi perkebunan tiwu di skitar Majalengka,termasuk bendungam Tirtanagara.Dawuan gayam atau sawah disapanjang jalan pemuda Mjlka teh ti taun 1980 an kaditumah kabeh kebon tiwu sampe ka Jatipamor,Cugasong jg Cikasarung oge pinuh ku kebon tiwu..makana bisa jadi pamayar papatungan ti patani dibikeun ka pabrik gula minangka ganti panyelang aliran cai kr ka sawah nukuduna ka kebon tiwu..
Kiwari para patani masih keneh sok neang cai ka Cigasong ,kebon tiwu jg pabrik gulana geus ilang ari mayar ka waker masih keneh henteunamah teu apal.
Kabiasaan patani nu neang cai bisa dicirikeun mangkatna peupeutingan,mawa batre,make kupluk,disalendang sarung,leumpangma mapay tanggul irigasi..mun ditanya" mang kamana ??" jawabna pasti " rek nyaian "..
Kecap nyaian ieu kadang sok pake heureuy...." nyaian naon?? "...teuing..hehe
(Naro, 13 Mei 2018)

(Photo Bendungan Tirtanegara. oleh Mang Iyan

(Photo insert Bendungan Cigasong 1918 - Kiriman Toni Tresna)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar