Senin, 03 September 2018

ARFACO tahun 1970

Taun 1980 an aya dongeng mang Jaya nu dipidangkeun ku stasiun radio Arfaco nu masih inget ku simkuring dugika kiwari nyaeta Kasarung ka Sayang Maung.
Nyaritakeun lalampahan hiji tokoh jalma basajan ka alam siluman maung mun teu salah ngaran lalakona mang Ronyok boga anak lalaki ngarana ..ah poho..Balik ti alam silumam Mang Ronyok jadi sakti bisa jadi manuk atau langir..abong dongeng.Taun 1980 anmah kaitung masa kajayaan radio loba tukang dongeng nu tampil di radio salian ti Mang Jaya aya deui Abah Selud,wa Kepoh ,mang Ji'i jg sajabana.Malah sandiwara sunda grup Jamar Media oge mineng diputer biasana Jamar Media nu kasedep pendengar biasanamah sandiwara jurig..milu ngadangukeun di tatangga ari balikna teu ludeung maklum sok datangka peuting lamun dinu wayang kulitmah aya paribasa " can babar nya can bubar " hartina bubar lamun gs tamat...
Kiwari unggal jalma nyarekel hape ,padahalmah dinu hape pasti aya radiona tapi teu hiji dinu saratus urang jigana jalma khususna di kota Majalengka nu sok nyetel radio dinu hape.geus arang langka jalma kiwari nyetel radio teuing pedah kiwari mah loba media nu leuwih praktis kayaning tipi,yutub ,pesbuk.wa jg nu lianna.
Tapi kuringmah sok pirajeunan nyetel radio dinu hape mun aya lalaguan sunda ,golek atau wayang kulit ,ngadangukeun bari ngawayagah iraha usum deui Kartu Atensi.

(Naro, 2 April 2018)

Gambar mungkin berisi: mobil
  (Photo kiriman Sendi Ardiansyah)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar