Minggu, 02 September 2018

Jaman Pakoang

Jaman Pakoang teh jaman riweuh ngungsi atau istilah asingnamah Evacuation Evakuasi,biasa mun urang Sunda sok ngarah gampang ngucapkeuna jadi Pakoang..
Inget carita bapa jaman riweuh perang sakira taun 1945-1949 lamun aya sora serine ngahoang tandana masarakat sekitar kota Majalengka kudu geuwat ngungsi nu deukeutnamah paling ka Cibasale atau ka Panteng ( Sukajaya ) lamun dianggap perlu malah dugika ka Babakan jawa,Cibatu,Bojong atau naek ka Sayang Kerud Gunung Karang ayeuna,geus teu mikir kasieun ku oray atau sato galak nu penting bisa pakoang ti Lembur..
Carita bapak jaman paooang ieu sarua pisan jg dinu poto kulawarga nu mawa tanggungan eusina parabot jg budakna,bapa jg ua nu deukeut ditanggung salayan sewang ari ua nu panggedena mabret lumpat tiheula...
Carita jaman pakoang atau ngungsi jaman perang dugika ayeuna masih keneh aya nu nerapkeun ka sabangsa barang nu geus lawas atau kolot misalna pit ontel,gaya buuk,model pakean..nyebutnateh barang atau gaya Jaman Pakoang....
" MERDEKA.!!!".


Tidak ada komentar:

Posting Komentar