Minggu, 02 September 2018

Pasir Ringkik

Pasir Dog Dog
Pasir Ringkik
Nu maledog,nu ting cikikik...
Geus nu katilu kalina kuring ka mumunggang ieu,angger ngorehan batu nu aya pahatan roda padati jg dampal suku,ayeunamah dibaturan ku Pa Ketu Drg Andi iman Andi Iman Wandi ,Pa ustad Mtwt Mtwt Al-mahabbah LegoksingkinMtwt Al-mahabbah jeung mang Nche,,Angger teu kapanggih.Geus ipis harepan ayeunamah bakal kapanggih,beja terakhir ti mang Oleh tatanggana Mang Che' Herdiana batu eta geus ilang teuing kamana,asa araneh da can lila panggihna .Mumunggang ieu jadi tpat sangar jarang aya nu arulin,paling oge nu ngahuma,panonoban meureun.Carita soal batu roda padati ieuteh salembur Cijati nu gs alumuran mah pasti arapaleun jg masing masing ngarasa manggihan nu pang anyarna mangihan mah nya mang Oleh can lila cnah taun 2000 an oge aya keneh basa neang tangkal Kosambi,ngan anehna ari kiwari keur diperlukeunmah bating taya nu ngawenehankeun.Kondisi mumunggang nu gs loba robahna bisa wae batu eta ngagulutuk ka lebakna nangkub teu kaciri.Mun aya keneh meureun ke oge kakorehkeun,lamun gs ilang nya lain milik..

(6 Agustus 2018 oleh Naro)

Gambar mungkin berisi: 1 orang, berdiri, pohon, langit, luar ruangan dan alam  Gambar mungkin berisi: 1 orang, berdiri, pohon, luar ruangan dan alam Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih, orang berdiri, tanaman, pohon, luar ruangan, alam dan air

Tidak ada komentar:

Posting Komentar