Senin, 03 September 2018

GILIRAN

Istilah patani lamun neang cai terus kabagian giliran / gentenan ka aliran cai ti dam (bendungan). Neang cai gs jadi kabiasaan rutin patani mun keur usum katiga,cai nu di alirkeun ku dam sok ditunggu tunggu,tinu saminggu kabagian sakali sewang biasana poe kemis ka lembur kuring,Carita kolot lamun neang cai sok tipeuting lleumpang mapay walungan ka landeuhkeun,timimiti walungan nu aya di dawuan gayam ngetankeun mapay Tjiani parat trus datangka Cibudug bras ka bendungan Cigasong,lalampahan nu sakitu jauhna mun dilakonan ku leumpangmah..sapanjang jalan teu weleh mapay sisi walungan bari miceunan runtah atau rangrang nu baris ngaganggu aliran cai,anjog ka bendungan gage laporan ka Waker mun ayeunamah mantri pangairan tugasna jaga panto bendungan irigasi.Biasana waker boga rumah dines nu teu jauh ti bendungan.Panto irigasi geuwat dibuka kamana aliran cai nu diteang,aya sabraha panto nu aya di bendungan Cigasong diantarana nu ngalir ka dawuan gayam sawah sawah di sekitar jalan pemuda,nu ngalir ka sawah daerah cikasarung jg ka cigasong melalui lebak Cibudug.
Sebelum tahun 1990an kalo buka pintu air, petani nu ka aliran sok papatungan mayar ka waker bejamah duitna dibikeun ka Pabrik Gula Kadipaten...atuh kadinya..??
Sabab lamun nilik ka sejarah pembangunan bendungan nu aya di Majalengka teemasuk bemdungan Cigasong nu dijieun jaman walanda taun 1918 fungsi awalna pikeun irigasi perkebunan tiwu di skitar Majalengka,termasuk bendungam Tirtanagara.Dawuan gayam atau sawah disapanjang jalan pemuda Mjlka teh ti taun 1980 an kaditumah kabeh kebon tiwu sampe ka Jatipamor,Cugasong jg Cikasarung oge pinuh ku kebon tiwu..makana bisa jadi pamayar papatungan ti patani dibikeun ka pabrik gula minangka ganti panyelang aliran cai kr ka sawah nukuduna ka kebon tiwu..
Kiwari para patani masih keneh sok neang cai ka Cigasong ,kebon tiwu jg pabrik gulana geus ilang ari mayar ka waker masih keneh henteunamah teu apal.
Kabiasaan patani nu neang cai bisa dicirikeun mangkatna peupeutingan,mawa batre,make kupluk,disalendang sarung,leumpangma mapay tanggul irigasi..mun ditanya" mang kamana ??" jawabna pasti " rek nyaian "..
Kecap nyaian ieu kadang sok pake heureuy...." nyaian naon?? "...teuing..hehe

(Naro, 13 Mei 2018)

Gambar mungkin berisi: sepeda dan luar ruangan
(Photo Bendungan Tirtanegara. oleh Mang Iyan

Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih
(Photo insert Bendungan Cigasong 1918 - Kiriman Toni Tresna)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar