Sabtu, 15 September 2018

BATU COWAK

BATU COWAK.
Asa teu tegep,teu dadaw jeung teu rena lamun kokoloyongan teu mawa hasil,itung itung oleh oleh bawaeun nu di imah ,hasil ti miluan Kemah Budaya salian meunang elmu ti baraya seniman jg budayawan nu jadi pamilon di acara Kemah Budaya Ciparay..mangga nyanggakeun..hapunten bilih lepat tulas tulis..hapunten Nun...
Batu cowak ataua batu congklak ayana teu jauh ti lapangan tempat kemah urang ,carita Pa Encob Sobari minangka Pa R T didinya nyebutkeun yen batu cowak etateh urut alat pamilihan kuwu jaman baheula,dimana sakira taun 1832 desa Ciparay masih asup ka wilayah Rajagaluh ngaran desana oge masih Desa Cibatur,Ki Buyut Demang Centong salaku pupuhu desa Cibatur ngayakeun pamilihan pupuhu desa nya alat pikeun saha nu baris jadi pupuhu desa atau kuwu dijieun batu cowak nu jumlahna 17 cowak pikeun adu katangkasan maen congklak,sing saha anu meunang eta jadi pupuhu desa,teuing kumaha jaman harita aturan maena,mung mun diilikan cowaknateh teu jga cowak jaman ayeuna nu simetris,tadinamah suganteh batu cuaca nu pernah kapanggih di Gunung Cakra harita jg kasepuhan Pa Rais,gening aya oge di Ciparay Leuwimunding,ngan beda latar caritana.Batu Cowak ieu oge aya hubungana jg ngaran gantina Desa Cibatur jadi dera Ciparay,dimana batu cowak ieu aya disisi walungan leutik nu loba lauk parayna makana desana ganti ngaran jd Ciparay.taun 1953 tempat ieu dibebenah disaungan jg dipelakan caringin ngan tangkal caringina teu jadi mgkn teu cocok dipelak didinya sbb teu negla jga di alun2,di tempat etamah hieum jg rada paroek,mudah2an batu cowak bisa jadi situs budaya nu kapilihara..mangga kanu bade nambihan keterangan atau ngoreksi.dihaturanan..!
(Naro, 26 February 2017)

(Batu Cowak)

Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih
(Photo : Mang Iyan & Batu Cowak)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar