Senin, 03 September 2018

CADAS NGAMPAR

Panyindangan Desa Cieurih kecamatan Maja.
Moal bakalan bosen naek gunung Majalengkamah,kajeun mapay reuma ,nanjak muntang areuy,turun make webing..heheh..
Jiga poe minggu kamari boga impormasi ti Wa eda Eda Suwardaya Sindsoal ayana batu cadas nu ngampar ti puncak gunung ka landeuhna di luhurna aya situ,gejlig wae rombongan Jurig muru ka tekape,ti dsn Panyindangan paling leumpang teu meakeun sa jam gs anjog kanu dituju.
Bener pisan batu cadas nu sakitu lega jg panjang siga nu ngalembereh ti gunung,hanjakal situ na gs taya laratana rempag ditarajang longsor.Tapak bagong tarembong di sisi cadas nu ngerecek ku cai nyusu, tas ngarinum meureun boa can lila ,monyet oge masih aya tingcalekroh di tangkal pineus nu jarangkung .Panasaran hayang panggih jg situ na nyobaan nembus rungkuy saliara mubus banglus ka rembetna leuweung,kalahka euweuh jalan,buntu teu bisa balik deui,kagok asong mening meulah gunung kajeun nanjak nu sakitu netek cara taraje.
Sabisa bisa wae naek muntang kana areuy jg peralatan saayana,nepika puncakna bras teh kalahka ka kebon jagong..? manggih saung horeng aya nu keur nungguan huma ,ditanyakeun blah mana ari situ cadas ngampar rungah ringeuh teu apaleun da ieumah gs di gunung windu ngajauhan ..
Akhirna lalampahan dieureunkeun moal pibenereun ngadon sangli ,ambuh ambuh ngaliwatan dua gunung beuki ngajauhan..
Masih panasaran oge soal carita Wa Eda boa enya cadas nu ngampar teh urut lelehan lahar,ngan blah dinya asa teu ngambeu bau warirang atau sumber cai panas,malah ceuk mang Edhi Dh'e bau warirangmah ayana beh lengkob Cijurey na di curug Situhiang.
Keun wae isukan pageto urang teang deui,kade tong sangli deui Jurig..!!

(Naro, 9 Juli 2018)

Gambar mungkin berisi: 4 orang, termasuk Ibrahim Annas, orang tersenyum, luar ruangan Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih, pohon, tanaman, luar ruangan, alam dan air

Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih, orang berdiri, luar ruangan dan alam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar