Senin, 03 September 2018

SITUS BATU PANJANG

Sabenerna situs batu panjang ieu asup ka wilayah kab.Ciamis,tapi aya kemungkinan sabagian ka wil kab. Majalengka.pernahna di Dusun Cimara,Desa Cibeureum,kec Sukamantri,kab Ciamis.di sakitarna mangrupa leuweung pinus nu hawana tiis,aya tempat wisata Nyi Mas Cincin nu masih asup ka Majalengka,padahal situs batu panjang ieu ngan ukur sabaraha lengkah ti tapal wates 2 kabupaten,makana aya oge nu nyangka msh asup wil Majalengka.tepatnamah di Gunung Madati atau aya nu nyebut oge Gunung Bitung,mungkin kusabab deukeut ka situs Gunung Bitung nu aya di kec.Cingambul cenah aya carita Gunung Bitung Wangkelang cikal bakal Karajaan Talaga Manggung.soal Situs Batu Panjang lamun ditalitimah dibentuk tina sbraha batu nu paranjang badag ukurana rata2 panjang 1,5m ,2m sampai ka 3 m.aya deui nu demprak jiga meja anu lonjong oge aya.posisina pasolengkrah teu puguh daratan,tapi aya kmungkinan meureun tadinamah nyusun atau ngabentuk wangunan bisa ku pangaruh alam atau aya nu ngarobah ku jalma posisina jd paburantak,tapi lamun diilikan deui aya sbagian batu2 nu msh nyusun rapih,aya pertanyaan simkuring apa mgkn situs batu panjang ieu mangrupa peninggalan Megalitikum nu saumur jg situs Gunung Padang?? Soalna tempatnage sarua aya di gunung ,lamun diteliti ku ahlina,digali deui boa boa dihandapeun tangkal eurih jg nu rarembet leuweungna aya deui susunan batu2 panjang.hanjakal teu apal kuncenna jadi teu bisa ngorek leuwih jero jeung teu apal kmana jalan nanjak ka puncakna nu ceuk beja diluhurnage msh loba batu2 panjang masih nangtung.minangka Menhir jg Dolmenna..tetela Pagunungan Majalengka pinuh ku Misteri...!!
(Naro, 4 agustus 2016)

Gambar mungkin berisi: luar ruangan  Gambar mungkin berisi: luar ruangan dan alam

Gambar mungkin berisi: pohon, tanaman, luar ruangan dan alam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar