Senin, 03 September 2018

SALEYOH - PAHLAWAN MAJALENGKA

Saleyoh,wanoja pahlawan Majalengka.
Informasi nu katampa ku simkuring ngeunaan Saleyoh kacida minimna,kukituna rek ngaguar perkara ieu lumayan panjang lalampahan teh.
Mimiti nyiar informasi teh nya nepungan pa Ata,dosen Universitas Majalengka,di wewengkon Majalengka kulon. Ceuk pikir teh kamungkinan anjeuna uningaeun perkara para pahlawan Majalengka soalna anjeuna kantos ngaguar sejarah Majalengka. Ari pek teh saur pa Ata ,mun hayang nyaho sejarah Saleyoh mah kaditu tuh ka pa Iit,seniman kahot,bumina di Tonjong. Laju nepungan pa Iit. Ku pa Iit kalah dititah nepungan pa Engkus di Cigasong,atuh bring deui ka Cigasong. Meunang tunyu tanya di sapanjang jl. H. Nur,ahirna tepung jeung pa Engkus. Horeng anjeuna oge seniman jiga pa Iit. Waleran pa Engkus,perkara sejarah Saleyoh mah langsung tepungan wae kulawargana di desa Simpeureum,wetaneun walungan Ciawi.
Poe Saptu 21 Juli 2018 kuring jeung mang NaRo ngahaja nepungan kulawarga Saleyoh di desa Simpeureum kabupaten Majalengka.
Nu mimiti ditepungan teh ibu Arunah (64 taun),alona Saleyoh.
Informasi ti ibu Arunah,Saleyoh teh opat sadulur,Eha Kasum Saleyoh jeung Kening. Putrana bapa Nurkoim sareng ibu Samiyah.
Nganjrekna dikiduleun jalan Majalengka Rajagaluh.
Saterusna informasi ngeunaan Saleyoh disarungsum ku wargi-wargina anu dumuk sawewengkon didinya,kayaning para alo,suan jeung kapi incuna.
Saleyoh dina jaman perjuangan mempertahankeun Republik Indonesia babakti jadi anggota Palang Merah Indonesia.
Anjeuna ditembak pasukan Belanda pas keur ngalaksakeun tugas ngarawat pejuang anu tatu. Katembakna dina mastakana pisan,atuh teu kapuluk gugur harita pisan.
Tempat gugurna di telar gedang wewengkon Cibodas Sindangkasih. Nya langsung dikurebkeun didinya.
Kajadianana kira-kira taun 1949.
Taun 1950an makamna dialihkeun ku pamarentah ka Taman Makam Pahlawan di Sawala Kadipaten. Kalawan dipasihan pangkat kamiliteran satingkat PRDS TNI (Prajurit satu TNI ? ).
Minangka pangeling-eling,lulurung anu nuju ka panganjrekan kulawarga Saleyoh,taun 2016 ku alpukahna pa kuwu Simpeureum,diaranan Gang Saleyoh.
Sakitu anu kapihatur.
Manawi ti parawargi aya informasi tambihan,mangga ditambihkeun dina komentar. Hatur timpah nuhun sateuacana.
Cag !.(Andi, 22 July 2018)
Gambar mungkin berisi: 1 orang, teksGambar mungkin berisi: luar ruangan Gambar mungkin berisi: satu orang atau lebih, rumput, pohon, anak, tanaman, luar ruangan dan alam

Gambar mungkin berisi: luar ruangan dan alam Gambar mungkin berisi: 9 orang, termasuk Andi Iman Wandi, orang tersenyum, luar ruanganGambar mungkin berisi: langit dan luar ruangan
Tidak ada teks alternatif otomatis yang tersedia.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar