Selasa, 04 September 2018

NYI RONGGENG

Duriat Nyi Ronggeng
Nyi Mas Mayangsari katelahna,ronggeng nu kawentar kamana mana ku kageulisana,ujaring basa ditilik tigigir lenggik diteang titukang lenjang,keureutan pameunteu nu ngadaun seureuh,gadona endog sapotong,pangambung kuwung kuwungan,halisna ngajeler paeh,bulu soca carentik,mapah lir macan teunangan estu lain pupulasan ,geulis bawaning ngajadi kitu gambaran Nyi Ronggeng.
Kageulisana narik para jajaka pikeun ngapimilik,lamun keur manggung tara suwung nu nawur,lain sakali dua kali sok jadi riributan antara para nonoman.
Hiji mangsa si Nyai dipergasa ,kunu kaedanan sieun ku batur nepika poekeun nelasan pati si Nyai,awakna direncah tilu jadi papisah.
Sirahna dipendem di tonggoh sisi gawir,beja deui awakna di tukangeun GGM,sabagianamah teuing dimana.
Carita ieu duka keur jaman iraha beja deuimah sajaman jg Samoja Opat.Meureun jamana urang Mataram daratang ka urang sakira taun 1650 an.
Dugika kiwari Astana Ronggeng masih aya,nyaeta nu sisi jalan dkt komplek perum Munjul jalan ka Paralayangkeun teh sirahna.
Sesana nu aya di tukangeun GGM teuing masih aya duka gs katutup ku bangunan,nu sawarehnamah can kasusud dimana ayana.
Mutilasi selebritis jaman Baheula...!!

(Naro, 3 Mei 2018)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar