Minggu, 02 September 2018

Dalem Panungtung & Nyi Dewi Girilarang

Wilujeng Dina Radite Baraya..!
Isuk isuk muru ka kongsi biasa keur ngopi nyiar boled.balikna nyimpang ka Pasarean Girilawungan ka makam Dalem Panungtung sareng Nyi Dewi Girilarang.
Pernah maca ti sumber sejarah Talaga Manggung dsbtkeun yen Prabu Pucuk Umum ti istrina Ratu Parung ngembankeun pancen ka palaputrana pikeun ngalungguhan sbraha tempat nyaeta mingpin kakawasaana.diantawisna..
Sunan Wanaperih di Walangsuji.
Dalem Panaekan di Riunggunung,Sukamenak,Nunuk,Cibodas,Kulur.
Prabu Haur Kuning di Talaga,Ciamis.
Dalem Lumaju Agung di Maja.
Dalem Panungtun di Sindang Kasih Majalengka..
Dalem Panungtun dsbt oge Dalem Panungtung..Dalem Panungtun hartosna Nungtun urang Sindangkasih ngagem agama Islam,Dalem Panungtung hartosna paragatna agama Hindu di tatar Sindangkasih nu panungtungan atau mangsa rengsena agama Hindu di Sindangkasih.upami Dalem Panungtung nu dimakamkeun di Pasarean Girilawungan leres Dalem Panungtun nu asalna ti Talaga Putrana Prabu Pucuk Umum atau Pangeran Rangga Mantri ieu bisa dijadikeun lawang pikeun ngaguar sajarah masukna Islam ka Sindangkasih Majalengka nyaeta sanes wae ti Cirebon nu nyebarkeun Islam tapi ti Talaga oge berperan besar keur Perkembangan Islam di Majalengka .Talaga Manggung lir ibarat cai nu ngocor ti matana ngaliwatan MAJA terus ngaLENGKAh ka Sindangkasih..mangga ka nu langkung terang kmh asal usul Dalem Panungtung nu aya di Pasarean Girilawungan utaminamah Sejarawan ti Talaga diantos guarana,hapunten bilih simkuring lepat maklum sanes ahli Sejarah mung saukur tukang ulin sabulang bentornage teu kapake pake acan.sakali deui hunjuk hapunten bilih lepat..cag.!


Gambar mungkin berisi: luar ruangan  

Gambar mungkin berisi: teks

Gambar mungkin berisi: luar ruangan dan dalam ruangan

Gambar mungkin berisi: pohon dan luar ruangan

1 komentar:

  1. Katampi guaran sajarahna. Mung poma ulah ngagiat falem lentuk
    Orat lain picontoeun

    BalasHapus